Mungguhing peuting anu jempling
angin leutik ngadalingding
ras hate inget ras hate kumalayang
simpe na poe dina panungtung pasini
jumeritna bayah leungiteun kanyaah
munggaran nu kalaksana
tepang dina carita nyata
dongeng pangbeberah manah
cinta lain saukur siloka
kadeudeuh, kanyaah, kaasih estu kapatri dina ati sanubari,
baheula..
Kiwari...
Peuting msih keneh jempling
najan hate neundeun ka asih, kanyaah, kasono,
tapi..
Poe pamungkas geus ditangtukeun
carita urang, lalakon urang ditungtungan ku jempling
jemplingna sora jemplingna hate
sora anjeun
hate anjeun
(MPT, agustus 2007)
-
Tidak ada komentar:
Posting Komentar